TEKS BERJALAN ATAS

⭐SILIH ASAH SILIH ASIH SILIH ASUH SILIH WANGI****************CAGEUR BAGEUR BENER PINTER TUR SINGER ***************Tema Hari Sumpah Pemuda 2025 ********** PEMUDA PEMUDI BERGERAK INDONESIA BERSATU⭐

Selasa, 10 Juni 2025

Ngawakilan Kepala Kantor, Kepala Seksi Pendidikan Madrasah Ngaluuhan Launching MBG



Kota Sukabumi , Kemenag

Kepala Seksi Pendidikan Madrasah (Pendmad) Kantor Kemenag Kota Sukabumi, Rustandi, ngawakilan Kepala Kantor Kemenag Kota Sukabumi Samsul Puad, Senén (10/6) ngaluuhan kagiatan Makan Bergizi Gratis (MBG) di Désa Situ Mekar Kacamatan Lembursitu Kota Sukabumi.

Kagiatan ieu dilaksanakeun ku Yayasan Al-Muslim Mandiri salaku pangurus Dapur Sehat Yayasan Al-Muslim Mandiri di Jl. Kibitay, Situmekar, Kacamatan Lembursitu, Kota Sukabumi.

Hadir ogé dina éta acara téh, Anggota Komisi IX DPR RI, Zainul Munasichin, Plh. Sekertaris Daérah Kota Sukabumi/Kepala BPKSDM Kota Sukabumi, Didin Syarifudin, Anggahota Komisi III DPRD, Agus Samsul, Camat Lembursitu, Yudi Sutriana, wawakil Danramil Kec. Lembursitu jeung wawakil ti Satuan Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG) Kota Sukabumi.

Ngawitan biantarana, Plh. Sekretaris Daérah Kota Sukabumi nepikeun pangampura dumeh Walikota Sukabumi anu teu tiasa hadir. Salajengna, Plh. Sekretaris Daérah ngajak hadirin ngucapkeun sukur ka Allah SWT, lantaran Kacamatan Lembursitu hususna Kelurahan Situmekar hususna Pasantrén Almuslim kapilih jadi dapur pikeun kagiatan Makan Bergizi Gratis anu mangrupa program prioritas Pamaréntah Présidén Prabowo Subianto. Anjeunna ogé ngajak ka sakumna pihak sangkan ieu program suksés, lantaran pangaruhna pohara positip kana kamekaran jeung tumuwuhna budak, lain waé kana kamekaran fisik tapi ogé kana kacerdasan.

Kantor Kamentrian Agama Kota Sukabumi, dina hal ieu pihak Pendmad ngarojong sapinuhna kagiatan MBG, sarta miharep sakumna siswa Madrasah di Kota Sukabumi bisa meunang program MBG ti Pamaréntah, cenah.

Samentawis, Anggota Komisi IX DPR RI Zainul Munasichin, dina biantarana nétélakeun yén dampak program MBG téh lain waé kana ngaronjatkeun kualitas gizi siswa, tapi sacara ékonomis bakal nyerep tanaga gawé jeung muka kasempetan usaha pikeun UMKM dina kontéks nyadiakeun bahan pangan. Nurutkeun mantenna, hiji Dapur Sehat nyerep sahenteuna 47 pagawe. Bisa dibayangkeun, saupama targét pamaréntah taun ieu rék ngadegkeun 5.000 dapur séhat, tangtu loba pagawé anu kaserep, utamana ti séktor pertanian, peternakan jeung jasa.

Pupuhu Yayasan Al-Muslim Mandiri, Nyai Hj. Mustika Wiguna katut Pupuhu Pasantrén Al-Muslim KH. Yusup Mulyadin ngungkapkeun, Dapur Sehat Pondok Pasantrén Al-Muslimin ngalayanan 30 lembaga Madrasah sareng Sakola di Kacamatan Lembursitu sareng jumlah siswa anu dilayanan Dapur Sehat Pondok Pasantrén Al-Muslim kirang langkung 3.500 santri, saurna.

Saparantos ngabuka Program Makan Bergizi Gratis, Kepala Seksi Pendmad sareng sababaraha tamu anu hadir, ngariksa Dapur Sehat Pondok Pasantrén Al-Muslim anu aya di Komplek Pasantrén Al-Muslim, Jl. Kibitay, Situmekar, Kacamatan Lembursitu, Kota Sukabumi. (rus)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar